Harti
jeung Watesan Sajak
Sajak nyaéta karya sastra wangun ugeran (puisi) anu teu
pati kauger ku patokan-patokan, nu matak sok disebut ogé sajak bébas atawa
puisi modérn. Bébas didinya, tangtuna ogé rélatif. Upami dibandingkeun jeung
guguritan, anu ditulis dina wangun pupuh, jelas sajak mah leuwih bébas. Sajak henteu kauger ku jumlah
padalisan dina sapadana, jumlah engang dina unggal padana, atawa sora tungtung
dina unggal padalisan.
Sajak
kauger ku diksi jeung wirahma (nu matak henteu disebut wangun lancaran).
Wirahma mangrupakeun ciri utama anu ngabédakeun wangun ugeran jeung wangun
lancaran. Wirahma karasa leuwih nonjol dina sajak, bisa jadi lantaran
uger-ugeran séjén saperti nu aya dina pupuh teu dipaké.
B. Wangun
Sajak Sunda
Diténjo
tina wangun jeung eusina, ragam sajak téh kabagi jadi :
1. Sajak
épik, nyaéta sajak anu eusina ngandung carita kapahlawanan anu aya patalina
jeung sasakala, kayakinan, jeung babad. Sajak munggaran anu kalebet sajak épic
dikarang ku Ajip Rosidi nu judulna ‘’Janté Arkidam’’ taun 1956.
Sajak
séjénna nyaéta sajak anu judulna ‘’ Bagus Rangin’’ karya Ajip Rosidi ogé,
eusina nyaritakeun Bagus Rangin anu dumasar kana agama ngabangkitkeun
sumanget bangsana pikeun ngalawan panjajah Balanda di daerah Jatitujuh,
Jatiwangi abad ka-19.
Conto:
Janté Arkidam
Panonna beureum
siki saga
Leungeunna
seukeut lalancip gobang
Niplasan badan
palapah gedang
Arkidam,
Janté Arkidam. Jsté.
2. Sajak
naratif, nyaéta sajak anu eusina ngandung hiji carita atawa biasa disebut
‘’balada’’. Anu kaasup kana balada téh nyaéta folk ballad jeungliterary
ballad, anu ngisahkeun kahirupan manusa ku sipat asih, dengki, boh
timburuna. Wangun séjénna anu kaasup sajak naratif nyaéta poetic tale anu
eusina nyaritakeun dongéng.
Conto:
Ruhak
Geuning
anjeun lir arjuna sasab
Mentangkeun rěwuan jamparing
nu kapentang lir di usap angin
Sumilir serah bongkokan
Geuning anjeun lir arjuna kasmaran
Ngiceupan rewuan bidadari
Nu kabandang kumalayang
Katiruk ati
Geuning anjeun lir arjuna ědan
Malati ladang metik terus dijeuwang
Aing lain aswatama sumegruk
Bima nu siap padungdung ngababuk jajantung
3. Sajak lirik, nyaéta sajak anu
eusina ngbréhkeun naon anu dirasakeun ku manah hiji jelma. Wangun sajak lirik
seueur ditulis dina khazanah sastra modérn Indonésia.
Conto:
Honcéwang
Langit angkeub
nyimbutan katumbiri
Panon poé surup
ninggalkeun bumi
Salira teu béngras sabihari
Angin tiis pamirig kapeurih ati
Paneuteup teu anteb siga sasari
Sakolébat ngajorelat balieus ka jisim diri
Kunaon langit
teu béngras lénglang
Sedeng haté mitineung ringrang honcéwang
Naha kunaon
katumbiri taya gumawang deui
Maturan kuring nu ngalagena ati. Jsté.
4. Sajak dramatik, nyaéta sajak
anu eusina ngagambarkan paripolah hiji jelma, boh digambarkeun ku kalakuan,
dialog, atawa monolog.
Conto:
Sajak
Peragawan
Poé
ieu ngagaeuleuyeung dina sedan bmw taun ahir
Mencrong
sawah salin jinis jadi pabrik
Sapi
cacingan, orok ceurik teu kasusuan, patani keur ngaboséh béca
Lagu
rock, barudak buligir ajrag-ajragan na kamalir nu pinuh sasalad. Jsté.
5. Sajak
didaktis, nyaéta sajak anu eusina ngandung pangaweruh atanapi nilei-nilei
atikan.
Conto:
GURU
Karya:
Siti wasilah
Pangabdian,
pangorbanan
Nu
tos ibu bapak guru korbankeun
Moal
ka étang
Moal
ka bayarku saukur ucapan nuhun
Moal
ka ganti ku intan jeung berlian
Moal
leungit ku gedé na
ombak samudra
Jasa
jasa ibu bapak guru
Tos
nyaangkeun haté simkuring
Nu
poék mongkléng tanpa
pangaweruh
Dugika
sapertos ayeuna..
6. Sajak satirik, nyaéta sajak nu
eusina ngandung sindiran atawa kritik ngeunaan kahirupan masarakat.
Conto:
Taun 2000 Aya Kénéh Lembur?
Taun 2000 aya kénéh lembur?
Ngan ranteng kawat listrik, sinyal-sinyal jeung kotak kaca ngalimpud beton.
Ti gang ka gang aya élévator, lampu disko, jeung papan reklameu.
Panggih dihiji lembur pinuh kuamparan aspal jeung plastik, sora radio jeung
angina bayeungyang. Mawa titipan pakét dongéng purba…,jsté
7. Romance, nyaéta sajak anu
eusina ngébréhkeun rasa asih atawa cinta ka hiji jelma.
Conto:
Parapatan Katrésnan
Tah didinya
ditempat éta
Urang duaan pateuteup soca
Tah harita lebah dinya
Dag dig dug haté masih karasa
Parapatan lebah
pudunan
urang
nepungkeun kaasih katrésnan
Saksi rundayan
katrésnan waktos
tepung munggaran
Tah didinya dipéngkolan simpang lima
Salira nyepeng
panangan ngedalkeun kaasih kacinta
Jsté.
8. Elegi,
nyaéta sajak anu ngébréhkeun kanalangsaan atawa kasedihan.
Conto:
Asih
nu Mawa Peurih 1
Asih
surup ngudag srangéngé
Haliwungna ati anu ngageuri
Kembang trésna ngawagu wayahna
Rumasa raga teu walakaya
Geuning
enya diri ngarasa
Lieuk
euweuh ragap teu aya
Ukur keclak ibun katrésna
Ngalemberéh maseuhan
satia
Naha
enya teu aya harga ?Jsté.
9. Ode,
nyaéta sajak anu eusina ngandung pujian kanggo jelma anu miboga jasa
jeung sifat kapahlawanan.
Conto:
Pahlawan
Toha
Arinyana
datang ka Indonésia
Rék
ngagahgal nyawa
Rék
ngarebut nagara
Lain heuheureuyan
Lain heureuy-heureuyeun
Lain heureuyaneun
Ngéntab amarah patriot Toha
Ngeleb wawanéna
Sumangetna ngagedur museur kana gudang mesiu
Gudang mesiu kudu ajur
Mamatih angkara kudu diala. Jsté.
10. Himne, nyaéta sajak anu eusina
ngébréhkeun rasa cinta ka Gusti atawa ka bangsa jeung lemah cai.
Conto:
Lembur
Panineungan
Hujan nu
ngaririncik mawa lamunan nu lawas katukang
Katembong lebah tanjakan tutuwuhan arajeg mapay ngajajar
Gunung nangtung bangun taya kasuwung
Sawah ngeplak lir ibarat permadani nungampar ngagelar
Bréh ka béh kidul…
Walungan matak
waas tetempoan
Tangkal kihurip
ngareuy mapay dahan muncang sisi gawir
Bray ka belah
kulon ngembloh satungtung panenjo
Kebon sabangsaning
palawija selang sekar dipelakna
Tanah pasundan
tanah kahuripan
Lembur kuring
panineungan
C. Unsur-Unsur
Sajak Sunda
Dumasar
kana unsur-unsurna, sajak diwangun ku sababaraha unsur, diantarana:
1. Imaji (implengan) gambaran anu
karasa, kadangu, jeung katénjo sanaos ngan ukur dina bayangan.
2. Simbol, nyaéta harti injeuman
pikeun ngébréhkeun maksad eusi sajak.
3. Irama atawa wirahma nyaéta panjang
pondokna nada dina lagu.
4. Téma nyaéta inti tangtungan
atawa inti ageman anu sipatna abstrak.
5. Gaya basa dina sajak bisa
kapangaruhan ku pangalaman atawa kasangtukang pangarang sajak.
D. Maca
Sajak anu Bener
Dina kagiatan maca, neuleman, ngararasakeun, jeung ngajén
teks (aprésiasi) sajak téh kudu dipilampah kalawan daria, sabab ieu kagiatan
téh kawilang nu pangutamana, éta kagiatan téh bisa dibagi deui jadi tilu
rupa, nyaéta (1) ngaguar teori sastra, (2) ngaguar éséy, jeung kritik sastra,
sarta (3) ngaguar sajarah sastra.
Cara kahiji, nyaéta kagiatan nalungtik kumaha wangun
sajak, kumaha fungsina, jeung kamana pangalaman-pangalaman sastrawan nu
dideudeul ku rupa-rupa karya sastra nurutkeun pamanggih atawa analisis para
ahli teori sastra.
Cara kadua, nyaéta kagiatan ngaguar karangan-karangan
atawa esey anu aya patalina jeung karya satra (sajak), nu medar ngeunaan hade
jeung gorengna éta sajak.
Cara katilu, nyaéta kagiatan ngaguar kamekaran sastra
(sajak) ti mimiti gelar nepi ka kiwari, boh lobana karya sastra nu gelar, ajén
sastrana, boh tokoh nu kalibet dina kamekaranana.
Hal-hal anu perlu diperhatikeun sateuacan maca sajak,
diantarana:
1. Nyurahan Sajak
Pamaca
sajak kudu bisa nyurahan (napsirkeun) eusi sajak saméméh midang. Pamaca sajak
kudu bisa ngahartikeun eusi sajak, atawa paling saeutik kudu bisa ngararasakeun
suasana, émosi nu nyangkaruk dina hiji sajak. Napsirkeun sajak bisa ku cara
parafrase nyaéta ngarobah hiji puisi jadi prosa ku cara nambahkeun kecap-kecap
sorangan kana sajak nu nyababkeun sajak jadi gampang dipikaharti. Atawa,
ngahartikeun deui eusi sajak ku kecap jeung kalimah sorangan.
Pamaca sajak kudu eungeuh kana kecap-kecap konci dina
hiji sajak. Upamana dina hiji sajak aya kecap ceudeum, kulawu, berewit, késang,
cimata, bisa ditangtukeun yén éta sajak téh moal jauh ti nyaritakeun kasedih.
Mun dina hiji sajak aya kecap seuneu, ngagedur, peureup, beureum, bisa
ditangtukeun yén eusi sajak téh nyaritakeun sumanget atawa kaambek.
2. Lenyepan
(Penghayatan)
Lenyepan ditangtukeun pisan ku hasil tina nyurahan kana
hiji sajak. Mun nyurahanana kaliru, tangtu baé lenyepan dina maca sajakna ogé
bakal kabawa salah. Upamana baé, hiji sajak nu eusina nyaritakeun kasedih, der
digalantangkeun bari ambek tipopolotot, atawa sabalikna ti éta. Alhasil,
pamaca sajak kudu bener-bener bisa nyurahan heula hiji sajak saméméh
magelaran.
Lenyepan ogé kuat patalina jeung émosi. Hiji sajak kudu
dibaca luyu jeung rasa atawa émosi nu nyangkaruk dina hiji sajak. Takeran rasa
kudu pas jeung eusi sajak. Mindeng urang nyaksian pamaca sajak ngadon nyegruk,
atawa ceurik balilihan.
3. Artikulasi
Artikulasi
dina maja sajak nyaéta kajéntréan lebah ngucapkeun hurup, kecap, atawa kalimah.
Dina maca sajak aya nu disebut cacad artikulasi, nyaéta, teu jelas dina
ngucapkeun hurup lantaran létah si pamaca henteu nepi kana wewengkon
artikulasi.
Upamana
dina ngucapkeun hurup M biwir kudu rapet, jeung sajabana. Mun
artikulasina teu jéntré, nu ngabandungan bakal jéngkél jeung sajakna ogé bakal
teu puguh kapirengna. Aya sawatara cara pikeun latihan artikulasi, diantarana
ngalapalkeun kalawan gancang kalimah-kalimah nu hésé, upamana ; laeur mapay
areuy, ban oplét opat, babu ibu abi.
4. Intonasi
Intonasi
téh lagu kalimah atawa lentong. Intonasi dina maca sajak ditangtukeun pisan ku
sajakna. Intonasi karék bisa genah karasana lamun pamaca sajak bisa
nyurahan tur ngalenyepan eusi sajak. Réa pamaca sajak nu ngaheulakeun
lentong batan ngalenyepan sajak. Lentong mah bakal nuturkeun mun pamaca sajak
bener-bener geus ngajiwaan eusi sajakna.
5. Wirahma
Wirahma
téh nyaéta turun-naékna, panjang-pondokna, tarik alonna maca sajak.
Nya wirahma pisan nu ngalantarankeun rasa jeung pikiran dina sajak terus
karasa ku audien, ngawangun imaji nu hirup tur jéntré. Wirahma ngawujud tina
tekenan-tekenan kana kecap. Aya nu disebut tekenen dinamik; tekenen tarik jeung
alonna ucapan.
Tekanan Nada: luhur jeung handapna sora. Tekanan Tempo;
gancang jeung ancana dina ngucapkeun kalimah. Sing jadi catetan yén pamaca
sajak téh kudu ati-ati dina ngagunakeun témpo. Témpo kudu pas, ulah gancang teuing boh anca pisan..
6. Randegan
Randegan
atawa jéda téh nyaéta eureun sakedapan. Pamaca sajak dina macana teu nurugtug
kitu baé. Lian ti ngarandeg dina tanda-tanda baca, atawa antara pada (bait)
jeung pada, pamaca sajak ogé kudu ngarandeg lebah kalimah-kalimah penting dina
sajak, sangkan audien bisa ngalenyepan éta kalimah penting. Randegan kieu téh
digunakeun saperluna baé, sabab lamun mindeng teuing mah bakal mangaruhan kana
témpo.
7. Klimaks
Sajak
anu bakal geunah kadanguna nyaéta sajak anu dibaca atra jeung karasa klimaks
atawa puncakna sarta pamaca bisa ngabina puncak. Nu disebut ngapuncak téh
nyaéta nahan émosi, nahan sora, nahan témpo, saméméh nepi ka puncakna dina éta
sajak.
Upama hiji sajak diwangun ku opat pada, tur klimaksna aya
di pada katilu, pamaca sajak kudu bisa nahan émosi, témpo, sora dina pada
kahiji. Dina pada kadua, émosi, sora, témpo, mimiti ditingkatkeun. Dina pada
katilu (puncakna téa), émosi, sora jeung témpo dimaksimalkeun pisan. Dina pada kaopat minangka
antiklimaks-na, émosi, sora jeung témpo diturunkeun deui.
8. Pasemon
jeung Réngkak
Pasemon
(mimik) tangtuna ogé diluyukeun jeung rasa nu nyangjaruk dina sajak nu
dibaca. Pasemon,
ruak-riukna pamulu, gular-gilerna panon, ditangtukeun pisan ku jero déétna
panglenyepan kana sajak nu dibaca. Sedengkeun réngkak; usikna leungeun,
meureup, ngacung, gilek sirah, gejlig atawa léngkah, fungsina pikeun leuwih
ngajéntrékeun naon maksudna eusi sajak. Réngkak ogé kudu puguh maksudna.
Réngkak nu réa usik, bisa jadi matak teu puguh kana naon nu rék
dijéntrékeun.
Unsur-
Unsur Sajak
1. Pikiran
(sense) nyaeta pikiran pangarang nu nyangkaruk dina jiwana, dikedalkeun
ngaliwatan karanganana.
2. Rasa (feeling) nyaeta rasa panyajak anu dikedalkeun dina sajakna, bisa rasa
waas, bungah, sumanget, ambek, atawa ceuceub.
3. Gaya (tone) nyaeta gaya panyajak anu ditepikeun dina sajakna, bisa humoris,
realistis, kritis, romantis atawa mikacinta ka lemah caina.
4. Maksud (intention), sok disebut oge amanat nyaeta maksud anu hayang
ditepikeun ku panyajak.
Mentangkeun rěwuan jamparing
nu kapentang lir di usap angin
Sumilir serah bongkokan
Geuning anjeun lir arjuna kasmaran
Ngiceupan rewuan bidadari
Nu kabandang kumalayang
Katiruk ati
Geuning anjeun lir arjuna ědan
Malati ladang metik terus dijeuwang
Aing lain aswatama sumegruk
Bima nu siap padungdung ngababuk jajantung
Panon poé surup ninggalkeun bumi
Salira teu béngras sabihari
Angin tiis pamirig kapeurih ati
Paneuteup teu anteb siga sasari
Sakolébat ngajorelat balieus ka jisim diri
Urang duaan pateuteup soca
Tah harita lebah dinya
Dag dig dug haté masih karasa
Haliwungna ati anu ngageuri
Kembang trésna ngawagu wayahna
Rumasa raga teu walakaya
Katembong lebah tanjakan tutuwuhan arajeg mapay ngajajar
Gunung nangtung bangun taya kasuwung
Sawah ngeplak lir ibarat permadani nungampar ngagelar
2. Rasa (feeling) nyaeta rasa panyajak anu dikedalkeun dina sajakna, bisa rasa waas, bungah, sumanget, ambek, atawa ceuceub.
3. Gaya (tone) nyaeta gaya panyajak anu ditepikeun dina sajakna, bisa humoris, realistis, kritis, romantis atawa mikacinta ka lemah caina.
4. Maksud (intention), sok disebut oge amanat nyaeta maksud anu hayang ditepikeun ku panyajak.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar